SI KABAYAN JEUNG PROPESOR
Ku : De Shandy
Di lembur Bojong Rangkong, kacaritakeun
kadatangan hiji propesor ti Amerika nu keur ngayakeun panalungtikan. Éta Propesor téh nyatana
jelema nu geus kaceluk ka jamparing angin-angin ka sakabéh nagri ngeunaan
kapinteranana nu méh ampir sampurna. Pinter dina sagala widang élmu pangaweruh.
Mun ceuk basa légégna mah, ‘eta Propesor téh minangka guruna sakabéh propesor nu aya di ieu dunya.
Kituna téh, kapinteran éta propesor geus katara ku urang Bojong Rangkong
sorangan nu minangka geus ngajawab kana kabéh pertanyaan nu kungsi ditanyakeun
ku urang Bojong Rangkong sorangan, kalayan jawabanana nu nyugemakeun turta
bener kabéh.
Tapi orokaya teu kabéh jelema nu aya di
lembur Bojong Rangkong sorangan nu panuju kana kaunggulanana éta Propesor. Aya hiji lalaki
nu ngarasa cangcaya kana kapinteranana éta Propesor. Taya lian éta lalaki téh ngaranna si Kabayan. Teu lila, kalayan aya niat
rék ngetés
tur ngadu pangaweruh jeung éta Propesor, nya Si Kabayan terus indit ngajorag éta Propesor di tempat panalungtikanana.
Di hiji tempat, katara si Propesor nu keur anteng
jeung bahan percobaanana. Kalayan keur digimbung ku jalma-jalma di
sakurilingeunana nu sasatna ngarasa takjub kana kapinteran éta propesor.
“Sampurasun, tuan Propesor” Si Kabayan unjukkan ka éta
Propesor.
“Iya, ada yang bisa saya bantu tuan?” Tembal éta Propesor.
“Sumuhun tuan Propesor” Si Kabayan bari sok terus
ngasrongkeun leungeunna, disusul ku leungeun Propesor. Maranéhna terus sasalaman.
“Ada apa tuan?” Tanya éta Propesor bari
sok terus ngaleupaskeun leungeunna.
“Muhun, aya hiji pertanyaan nu rék
ditanyakeun ka tuan Propesor”
“Oh begitu ya. Kalo boleh saya tahu, apa
pertanyaanmu itu? Katakan saja, pasti saya akan menjawab semua pertanyaanmu
itu?” Tembal
si Propesor nu pinuh ku kayakinan kana kamampuanana. Kituna, éta Propesor téh
nganggap ka si Kabayan ukur jalma kampung nu saeutik pangaweruhna. Tangtu
pertanyaanana ogé nu moal sabaraha. Pasti manéhna bisa ngajawab kana éta
pertanyaan si Kabayan, pikir éta Propesor.
“Percanten ka tuan Propesor mah,” Ceuk si Kabayan rada
nyungkun.
“Ngan saméméhna kuring rék ménta dihampura
ka tuan Propesor”
“Memangnya kenapa?” Tanya éta Propesor teu
ngarti kana maksud nu diomongkeun ku si Kabayan.
“Sumuhun, saurna tuan Propesor téh jalma
nu pangpinterna di ieu dunya. Sasatna mah jalma nu pinuh ku élmu pangaweruh,
loba ku panalar, jeung sugih ku pangarti”
“Memang benar. Seluruh dunia sudah
mengakui semua itu. Jika kamu masih ragu dengan kepintaranku itu, kamu bisa mengujinya sekarang.”
Ceuk si Propesor rada légég.
“Nya ari kitu mah kuring ngiluan sakumaha
kahayang tuan Propesor. Ngan saméméhna kuring boga paménta?”
“Apa permintaanmu itu?” Tanya si Propesor.
“Mun dimana-mana tuan Propesor teu bisa ngajawab kana pertanyaan
kuring, tuan Propesor kudu ngayakeun duit nu lobana saratus rebu, minangka
bayaran teu bisa ngajawab kana pertanyaan kuring”
“Oh tentu. Lagipula pasti saya akan bisa menjawab semua
pertanyaanmu itu. Terus kalau kamu sendiri tidak bisa menjawab pertanyaanku,
apa yang bisa
kamu berikan kepadaku?”
“Kuring bakal mayar tuan Propesor sagede
sapuluh rebu. Kumaha? Sarat nu adil lain? Minangka tuan Propesor mah jalma
pinter, luhur kuta gede dunya, sigana teu sabaraha lin mikeun duit saratus rebu
mah ka kuring nu sasatna jalma bodo, sangsara balangsak, jeung nu pasti mah
lain Propesor siga anjeun” ceuk si kabayan rada meuli hate éta si Propesor.
Si propesor saheulanan mikir kana pananjak
nu diajukeun ku Sikabayan. Tapi teu lila, si Propesor tuluy nyanggupan kana kahayangna
si Kabayan. Si Kabayan katingali ukur mesem barang si Propesor satuju kana
panajakna.
“Ari nu jadi pertanyaan kuring mah kieu
tuan Propesor,” Ceuk si kabayan ngamimitian nanya.
“Bagaimana, ayo ceritakanlah’
“Jaman baheula, aya hiji Propesor nu rék
ngayakeun panalungtikan di hiji pulo di tengah-tengah lautan. Tapi nasibna nu
teu marengan. Di tengah-tengah perjalanan, éta parahu nu dipaké ku si Propesor karam
keuna kanu batu karang nepi ka tibalikna. Tangtu wé éta Propesor sorangan ti
teuleum di tengah-tengah lautan. Pondok carita, éta Propesor kasered-sered ku ombak nepi ka kaperengkeun aya di hiji pulo
karang nu aya di tengah-tengah laut nu
satungtung deuleu. Teu katingali aya daratan hiji-hiji acan. Kitu deui
tatangkalan euwueuh sarupaeun. Nu aya téh ukur batu-batu karang nu tareruas saampar pulo,
euweuh pupurieunana.”
“Terus?” Tanya si Propesor bangun nu panasaran.
“Ari nu jadi pertanyaan kuring mah, kumaha
carana éta Propesor sangkan bisa indit ti éta pulo karang?”
“Ah gampang atuh éta mah” Ceuk si Propesor bangun nu
yakin kana pijawabeunana.
“Kumaha?” Tanya si Kabayan.
“Tingal telepon saja, minta dilacak dan
dijemput ke pulo karang tersebut. Kan sudah ada HP”
“Hehe…” Si Propesor siga nu tuluy bingung ningali tingkah
si Kabayan nu sok terus seuserian barang ngadéngé jawaban manéhna.
“Ah, tuan Propesor mah ngalucu waé. Kapan
caritana ogé jaman baheula, dimana atuh geus usum HP, telepon kabel ogé can
tangtu aya”
Katingali si Propesor nu terus uleng mikir. Rada lila ayeuna mah
mikirna téh. Tapi kudu dikumahakeun deui, nya manéhna keukeuh teu manggih
pijawabeunana. Nya ahirna éta Propesor nyerah ogé.
“Aku tidak bisa menjawab pertanyaanmu
itu” Ceuk si
Propesor nu bari terus ngaluarkeun duit sapuluh rébuan sapuluh siki tina jero
loketna. Sok terus diasrongkeun ka Si kabayan. Ngan orokaya waé jalma-jalma nu
aya disakurilingeunana jadi ngilu mikiran kana éta pertanyaan nu diajukeun ku
si Kabayan. Tapi tetep wé lebeng, taya hiji ogé jalma nu bias ngajawabna.
Teu lila si Propesor malik nanya ka si
Kabayan, “Nah sekarang giliranku yang bertanya kepadamu, bagaimana caranya si
Propesor itu bisa pergi dari pulo karang tersebut?”
Si Kabayan sorangan ukur mesem barang
ngadéngé pertanyaan si Propesor.
“Maksudmu…” Tanya si Propesor. Teu lila si
Kabayan terus masrahkeun salambar duit sapuluh rebuan ka éta Propesor bari nu
salapan lambar deui mah sok tuluy diasupkeun ku manéhna kana jero saku bajuna.
Bari pokna téh, “Tong boro kuring nu
sasatna jalma
bodo, dalah Propesor gé nu ngaku jalma pangpinterna di ieu dunya teu bisa ngajawabna” Ceuk si kabayan nu tuluy
ngingkig balik ti éta tempat. Diiring ku olohokna jalma-jalma nu aya di éta
tempat.
0 comments:
Posting Komentar