SAUNG PANINEUNGAN
Ku : De Shandy
Wanci keur tunggang gunung. Katingali layung beureum semet jadi kalakay nu ngarangrangan mangkatna bulan keur mayungan peuting. Siga nu sarua pisan jeung kaayaan harita. Kajadian nu kaalaman sataun katukang. Ngan bedana teh, ayeuna kuring ngalamannana sorangan. Teu siga harita kuring nu masih keneh jeung manehna. Paheut janji pasini ati. Babagi kanyaah jeung kadedeuh nu jadi hate. Ngawangun hiji carita cinta nu karasa pisan éndahna.
Keur anteng ngumbar lamunan, teu karasa panon bet ngarérét kana hiji sasaungan nu teu jauh aya di dinya. Hiji saung nu baheula jadi saksi cinta kuring jeung manéhna. Tuluy kuring ngadeukeutan éta saung. Terus rét kana hiji tihang kai nu jadi pamikul éta saung. Katara ngaran kuring jeung manéhna nu masih kénéh natrat dina éta kai. Tanda cinta nu geus kaukir dina éta kai harita salalawasna teu weléh jadi saksi cinta kuring jeung manéhna.
Kuring beuki ngadeukeutan kana éta kai. Tapi keur kitu, leungeun bet teu karasa geus miheulaan nyagap kana éta kai nu aya ukiran ngaran kuring jeung manéhna. Ngan aya nahana, barang leungeun kuring nyalasar kana éta kai, dada karasana ngadadak eungap. Dina haté asa aya n uterus nyelekit. Lir nu keur diturihan ku hinis. Asa peurih kacida.
”Ehm…Geulis! Geuning cinta urang téh wakcana ukur nepi ka dieu. Pamohalan bisa manjang sakumaha ceuk kahayang urang. Da nyatana geuning carita urang téh kudu pegat di tengah jalan. Ngan panuhun wé salira ulah janten bendu ka engkang. Engkang nu sasatna can bisa ngabagéakeun salira. Tapi sok sanajan kitu, ari hate mah teu weléh manteng ka salira. Teu bisa dibobodo. Sok sanajan salira ayeuna geus teu aya di payuneun engkang, tapi da duriat engkang mah teu weléh masket ka salira. Engkang salalawasna cinta ka salira.” Teu karasa bet aya n uterus nyelek dina elak-elakkan. Karasa pisan beuratna. Teu lila karasa sok tuluy aya nu ngeclak tina juru-juru panon kuring. Beuki lila kalah beuki murubut. Maseuhan kana pipi. Tuluy ngeclakkan kana taneuh. Geus teu katahan deui. Kuring ukur bisa ceurik nandangannana.
“Hampura pisan engkang, Geulis! Engkang nu teungteuingeun ka salira, teu bisa ngawujudkeun sakumaha kahayang salira. Ari sugan téh moal kieu balikarna. Boro baheula téh engkang hare-haré wé, nungguan mangsana nu utama keur ngalamar salira téh. Ari rék nyaho di kieu mah, engkang handeueul pisan harita teu bisa mere kaputusan ka salira. Basa kolot salira nyarita ka engkang, ngenta kaputusan tina pananjak nu hayang geura buru-buru dilamar. Mun nyaho pikieueun mah, meureun harita téh ku engkang moal burung langsung disatujuan. Tangtuna ogé meureun caritana moal nepi ka kieu. Bakal lain kajadiannana.”
Tapi, da ari kitu téana mah kolot kuring sorangan nu teu bisa diajak babadamian. Abong nu jadi kolot, teu bisa ngarasakeun kana hate nu jadi anakna. Kumaha ceuk maranéhna wé. Sagala rupa gé kumaha ceuk kolot. Anak mah nyahona nurut kana pangaturan kolot. Padahal mun dipikir deui ka ayeuna mah, kuring téh kapan bisa ngumahakeun sorangan. Sasatna nu jadi anak lalaki, pasti bisa ngumahakeun sorangan. Beda jeung anak awewe nu sasatna kudu aya walina. Ngan kitu téa lain pibenereun ketang.
Sok sanajan kuring neutreug, meureun da geus kieu kuduna. Takdirna yen urang kudu gancang papisah. Horeng geuning da manus amah ukur darma wawayangan. Rengkak paripolah sakumaha ceuk dalang. Nyatana manus amah teu bisa ngulangkeun deui waktu nu geus kaalaman. Iwal ti semet narimakeun manéh kana kajadian nu geus kungsi kaalaman.
Hate karasa pisan peupeusna. Peurih kacida. Nyeri lir nu keur diturih ku hinis. Ukur kanyaah manéhna nu teu weleh ngalangkangan dina jero pikir bari dipeupeurih ku kanyeri jeung kasedih. Hiji saung nu jadi cirri cinta kuring jeung manehna. Hiji tempat nu jadi saksi, paheut jangji satekadan nyorang kahirupan dina suka jeung sedih ku duaan. Ayeuna ukur jadi kahayang nu teu weleh ngagantung di uwung-uwung. Asa jauh pisan piajuleunnana. Kari ngaran nu jadi pamepes hate, tur sabait carita cinta nu teu weleh manteng na jero pikir. Kangker otak nu aya dina sirah manehna, geus misahkeun cinta jeung kadeudeuhna kuring ka manehna. Kiwari ukur bisa jadi panineungan nu teu weleh maturan Saumur hirup kuring.
“Duh Gusti, kuring tulungan. Awewe nu sakitu bageurna. Sakitu deudeuhna. Sakitu solehna, kedah dipundut ngora keneh. Naha? Kapan loba keneh jalma-jalma nu sakitu kolotna, geus mangsana ngahadep kapayuneun Anjeun, Gusti. Tapi naha geuning bet anjeunna nu kudu ti heula….”
Geus ampir sabulan ti saprak manehna ninggalkeun kuring, ninggalkeun kulawargana, ninggalkeun alam dunya ieu, sakitu lilana ogé kuring gering nagtung ngalanglayung kapikiran wé ka manehna. Teu puguh rarasaan. Pikiran teu ku hanteu karasa pisan ngubengna. Semet raga nu kumelendang, lir ibarat mayit nu bisa leumpang. Tan kawawa keur nanggeuyna carita tempatna sampay sawangan. Ukur curulukna cimata kuring marengan manehna na alam kalangenan.
Hiji saung, tempat nu jadi saksi cinta kuring jeung manehna, ayeuna semet jadi panineungan keur pangeusi hate kuring. Saterusna mah kuring ukur bisa ngaridokeun manehna, marengan ku du’a na alam kubur, tur ngaiklaskeun manehna yen manehna the geus dipundut kunu kagungannana.
Teu sadar sora bedug geus nandakeun ka sareupna. Kuring ngorejat, tuluy hudang tina panglamunan.
“Bet asa jauh-jauh teuing ngalamun the,” kuring tuluy nangtung bari ngelap sesa-sesa cipanon nu masih keneh maseuhan. Teu sadar yen nu dipake ngelap the saputangan pamere ti manehna. Saputangan teu lila tuluy direret.
“Aéh, naha kalah beuki peurih nyuit kana ati,” kuring tuluy maksakeun ngalengkahkeun indung suku, sok sanajan karasa pisan beuratna ninggalkeun eta tempatnu salalawasna bakal jadi tempat panineungan kuring jeung manéhna. Cag ah***
0 comments:
Posting Komentar