Senin, 19 Desember 2016

Sajak Sunda - Cinta

CINTA
Ku : De Shandy


Jungjunan
Saéstuna rasa nu mana
Rék kaula sumput salindungkeun
Na kanyaah jeung kaasih andika?
Kapan jangji tinulis
Mangsa hiji kapastian
Sagala cinta nu andika
Keur andika
Tan aya pangawasa kula
Keur nogéncang kanu lian

Panutan
Naha cirri nu mana
Geus jadi pamatri nu pasini
Moal cacah ku mangsa carita
Diri nu kasélér-sélér
Nangtukeun tékad lampah diri
Semet dipulas ku curulukna cimata

Cinta kiwari, eulis
Kari mangsi pulas dina ati
Tinggal warna carita rasa
Ukur bisa jadi pamépés sukma
Raga kadar nu katalangsara


Related Posts:

  • Sajak Sunda - Cinta CINTA Ku : De Shandy Jungjunan Saéstuna rasa nu mana Rék kaula sumput salindungkeun Na kanyaah jeung kaasih andika? Kapan jangji tinulis Mangsa hiji kapastian Sagala cinta nu andika Keur andika Tan aya pangawa… Read More
  • Sajak Sunda - Lalaki Di Tegal Pati LALAKI DI TEGAL PATI Ku :  De Shandy Saha, Lalakina nu ngabadega Di tegal pati? Cenah lalaki getih siliwangi Suka nginum darah jurit Suka dahar bayah perang Lalaki langit lalanang jagat Ladang ngasruk lawan… Read More
  • Sajak Sunda - Panineungan Jati Gede PANINEUNGAN  JATI  GEDE Ku : De Shandy (Dangdagula) Tungtung peuting muru ka janari Bet sok terus aya nu ngolébat Mawa rasa kasono Bari salira nyegruk Balilihan medal citangis Karasa meupeuskeun sukma … Read More

0 comments:

Posting Komentar