This is default featured slide 1 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.

This is default featured slide 2 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.

This is default featured slide 3 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.

This is default featured slide 4 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.

This is default featured slide 5 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.

Tampilkan postingan dengan label CARPON. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label CARPON. Tampilkan semua postingan

Minggu, 18 Desember 2016

Carpon Sunda - Si Kabayan Jeung Profesor

SI KABAYAN JEUNG PROPESOR
Ku :  De Shandy


Di lembur Bojong Rangkong, kacaritakeun kadatangan hiji propesor ti Amerika nu keur ngayakeun panalungtikan. Éta Propesor téh nyatana jelema nu geus kaceluk ka jamparing angin-angin ka sakabéh nagri ngeunaan kapinteranana nu méh ampir sampurna. Pinter dina sagala widang élmu pangaweruh. Mun ceuk basa légégna mah, ‘eta Propesor téh minangka guruna sakabéh propesor nu aya di ieu dunya. Kituna téh, kapinteran éta propesor geus katara ku urang Bojong Rangkong sorangan nu minangka geus ngajawab kana kabéh pertanyaan nu kungsi ditanyakeun ku urang Bojong Rangkong sorangan, kalayan jawabanana nu nyugemakeun turta bener kabéh.
Tapi orokaya teu kabéh jelema nu aya di lembur Bojong Rangkong sorangan nu panuju kana kaunggulanana éta Propesor. Aya hiji lalaki nu ngarasa cangcaya kana kapinteranana éta Propesor. Taya lian éta lalaki téh ngaranna si Kabayan. Teu lila, kalayan aya niat rék ngetés tur ngadu pangaweruh jeung éta Propesor, nya Si Kabayan terus indit ngajorag éta Propesor  di tempat panalungtikanana.
Di hiji tempat, katara si Propesor nu keur anteng jeung bahan percobaanana. Kalayan keur digimbung ku jalma-jalma di sakurilingeunana nu sasatna ngarasa takjub kana kapinteran éta propesor.
“Sampurasun, tuan Propesor” Si Kabayan unjukkan ka éta Propesor.
“Iya, ada yang bisa saya bantu tuan?”  Tembal éta Propesor.
“Sumuhun tuan Propesor” Si Kabayan bari sok terus ngasrongkeun leungeunna, disusul ku leungeun Propesor. Maranéhna terus sasalaman.
“Ada apa tuan?” Tanya éta Propesor bari sok terus ngaleupaskeun leungeunna.
“Muhun, aya hiji pertanyaan nu rék ditanyakeun ka tuan Propesor”
“Oh begitu ya. Kalo boleh saya tahu, apa pertanyaanmu itu? Katakan saja, pasti saya akan menjawab semua pertanyaanmu itu?” Tembal si Propesor nu pinuh ku kayakinan kana kamampuanana. Kituna, éta Propesor téh nganggap ka si Kabayan ukur jalma kampung nu saeutik pangaweruhna. Tangtu pertanyaanana ogé nu moal sabaraha. Pasti manéhna bisa ngajawab kana éta pertanyaan si Kabayan, pikir éta Propesor.
“Percanten ka tuan Propesor mah,” Ceuk si Kabayan rada nyungkun.
“Ngan saméméhna kuring rék ménta dihampura ka tuan Propesor”
“Memangnya kenapa?” Tanya éta Propesor teu ngarti kana maksud nu diomongkeun ku si Kabayan.
“Sumuhun, saurna tuan Propesor téh jalma nu pangpinterna di ieu dunya. Sasatna mah jalma nu pinuh ku élmu pangaweruh, loba ku panalar, jeung sugih ku pangarti”
“Memang benar. Seluruh dunia sudah mengakui semua itu. Jika kamu masih ragu dengan kepintaranku itu, kamu bisa mengujinya sekarang.” Ceuk si Propesor rada légég.
“Nya ari kitu mah kuring ngiluan sakumaha kahayang tuan Propesor. Ngan saméméhna kuring boga paménta?”
“Apa permintaanmu itu?” Tanya si Propesor.
“Mun dimana-mana tuan Propesor teu bisa ngajawab kana pertanyaan kuring, tuan Propesor kudu ngayakeun duit nu lobana saratus rebu, minangka bayaran teu bisa ngajawab kana pertanyaan kuring”
“Oh tentu. Lagipula pasti saya akan bisa menjawab semua pertanyaanmu itu. Terus kalau kamu sendiri tidak bisa menjawab pertanyaanku, apa yang bisa kamu berikan kepadaku?”
“Kuring bakal mayar tuan Propesor sagede sapuluh rebu. Kumaha? Sarat nu adil lain? Minangka tuan Propesor mah jalma pinter, luhur kuta gede dunya, sigana teu sabaraha lin mikeun duit saratus rebu mah ka kuring nu sasatna jalma bodo, sangsara balangsak, jeung nu pasti mah lain Propesor siga anjeun” ceuk si kabayan rada meuli hate éta si Propesor.
Si propesor saheulanan mikir kana pananjak nu diajukeun ku Sikabayan. Tapi teu lila, si Propesor tuluy nyanggupan kana kahayangna si Kabayan. Si Kabayan katingali ukur mesem barang si Propesor satuju kana panajakna.
“Ari nu jadi pertanyaan kuring mah kieu tuan Propesor,” Ceuk si kabayan ngamimitian nanya.
“Bagaimana, ayo ceritakanlah’
“Jaman baheula, aya hiji Propesor nu rék ngayakeun panalungtikan di hiji pulo di tengah-tengah lautan. Tapi nasibna nu teu marengan. Di tengah-tengah perjalanan, éta parahu nu dipaké ku si Propesor karam keuna kanu batu karang nepi ka tibalikna. Tangtu wé éta Propesor sorangan ti teuleum di tengah-tengah lautan. Pondok carita, éta Propesor kasered-sered ku ombak nepi ka kaperengkeun aya di hiji pulo karang  nu aya di tengah-tengah laut nu satungtung deuleu. Teu katingali aya daratan hiji-hiji acan. Kitu deui tatangkalan euwueuh sarupaeun. Nu aya téh ukur batu-batu karang nu tareruas saampar pulo, euweuh pupurieunana.”
“Terus?” Tanya si Propesor bangun nu panasaran.
“Ari nu jadi pertanyaan kuring mah, kumaha carana éta Propesor sangkan bisa indit ti éta pulo karang?”
“Ah gampang atuh éta mah” Ceuk si Propesor bangun nu yakin kana pijawabeunana.
“Kumaha?” Tanya si Kabayan.
“Tingal telepon saja, minta dilacak dan dijemput ke pulo karang tersebut. Kan sudah ada HP”
“Hehe…” Si Propesor siga nu tuluy bingung ningali tingkah si Kabayan nu sok terus seuserian barang ngadéngé jawaban manéhna.
“Ah, tuan Propesor mah ngalucu waé. Kapan caritana ogé jaman baheula, dimana atuh geus usum HP, telepon kabel ogé can tangtu aya”
Katingali si Propesor nu terus uleng mikir. Rada lila ayeuna mah mikirna téh. Tapi kudu dikumahakeun deui, nya manéhna keukeuh teu manggih pijawabeunana. Nya ahirna éta Propesor nyerah ogé.
“Aku tidak bisa menjawab pertanyaanmu itu” Ceuk si Propesor nu bari terus ngaluarkeun duit sapuluh rébuan sapuluh siki tina jero loketna. Sok terus diasrongkeun ka Si kabayan. Ngan orokaya waé jalma-jalma nu aya disakurilingeunana jadi ngilu mikiran kana éta pertanyaan nu diajukeun ku si Kabayan. Tapi tetep wé lebeng, taya hiji ogé jalma nu bias ngajawabna.
Teu lila si Propesor malik nanya ka si Kabayan, “Nah sekarang giliranku yang bertanya kepadamu, bagaimana caranya si Propesor itu bisa pergi dari pulo karang tersebut?”
Si Kabayan sorangan ukur mesem barang ngadéngé pertanyaan si Propesor.
“Maksudmu…” Tanya si Propesor. Teu lila si Kabayan terus masrahkeun salambar duit sapuluh rebuan ka éta Propesor bari nu salapan lambar deui mah sok tuluy diasupkeun ku manéhna kana jero saku bajuna.
Bari pokna téh, “Tong boro kuring nu sasatna jalma bodo, dalah Propesor gé nu ngaku jalma pangpinterna di ieu dunya teu bisa ngajawabna” Ceuk si kabayan nu tuluy ngingkig balik ti éta tempat. Diiring ku olohokna jalma-jalma nu aya di éta tempat.





Kamis, 15 Desember 2016

Carpon Sunda: Saung Panineungan

SAUNG  PANINEUNGAN
Ku : De Shandy

           Wanci keur tunggang gunung. Katingali layung beureum semet jadi kalakay nu ngarangrangan mangkatna  bulan keur mayungan peuting. Siga nu sarua pisan jeung kaayaan harita. Kajadian nu kaalaman sataun katukang. Ngan bedana teh, ayeuna kuring ngalamannana sorangan. Teu siga harita kuring nu masih keneh jeung manehna. Paheut janji pasini ati. Babagi kanyaah jeung kadedeuh nu jadi hate. Ngawangun hiji carita cinta nu karasa pisan éndahna.
Keur anteng ngumbar lamunan, teu karasa panon bet ngarérét kana hiji sasaungan nu teu jauh aya di dinya. Hiji saung nu baheula jadi saksi cinta kuring jeung manéhna. Tuluy kuring ngadeukeutan éta saung. Terus rét kana hiji tihang kai nu jadi pamikul éta saung. Katara ngaran kuring jeung manéhna nu masih kénéh natrat dina éta kai. Tanda cinta nu geus kaukir dina éta kai harita salalawasna teu weléh jadi saksi cinta kuring jeung manéhna.
Kuring beuki ngadeukeutan kana éta kai. Tapi keur kitu, leungeun bet teu karasa geus miheulaan nyagap kana éta kai nu aya ukiran ngaran kuring jeung manéhna. Ngan aya nahana, barang leungeun kuring nyalasar kana éta kai, dada karasana ngadadak eungap. Dina haté asa aya n uterus nyelekit. Lir nu keur diturihan ku hinis. Asa peurih kacida.
”Ehm…Geulis! Geuning cinta urang téh wakcana ukur nepi ka dieu. Pamohalan bisa manjang sakumaha ceuk kahayang urang. Da nyatana geuning carita urang téh kudu pegat di tengah jalan. Ngan panuhun wé salira ulah janten bendu ka engkang. Engkang nu sasatna can bisa ngabagéakeun salira. Tapi sok sanajan kitu, ari hate mah teu weléh manteng ka salira. Teu bisa dibobodo. Sok sanajan salira ayeuna geus teu aya di payuneun engkang, tapi da duriat engkang mah teu weléh masket ka salira. Engkang salalawasna cinta ka salira.” Teu karasa bet aya n uterus nyelek dina elak-elakkan. Karasa pisan beuratna. Teu lila karasa sok tuluy aya nu ngeclak tina juru-juru panon kuring. Beuki lila kalah beuki murubut. Maseuhan kana pipi. Tuluy ngeclakkan kana taneuh. Geus teu katahan deui. Kuring ukur bisa ceurik nandangannana.
“Hampura pisan engkang, Geulis! Engkang nu teungteuingeun ka salira, teu bisa ngawujudkeun sakumaha kahayang salira. Ari sugan téh moal kieu balikarna. Boro baheula téh engkang hare-haré wé, nungguan mangsana nu utama keur ngalamar salira téh. Ari rék nyaho di kieu mah, engkang handeueul pisan harita teu bisa mere kaputusan ka salira. Basa kolot salira nyarita ka engkang, ngenta kaputusan tina pananjak nu hayang geura buru-buru dilamar. Mun nyaho pikieueun mah, meureun harita téh ku engkang moal burung langsung disatujuan. Tangtuna ogé meureun caritana moal nepi ka kieu. Bakal lain kajadiannana.”
Tapi, da ari kitu téana mah kolot kuring sorangan nu teu bisa diajak babadamian. Abong nu jadi kolot, teu bisa ngarasakeun kana hate nu jadi anakna. Kumaha ceuk maranéhna wé. Sagala rupa gé kumaha ceuk kolot. Anak mah nyahona nurut kana pangaturan kolot. Padahal mun dipikir deui ka ayeuna mah, kuring téh kapan bisa ngumahakeun sorangan. Sasatna nu jadi anak lalaki, pasti bisa ngumahakeun sorangan. Beda jeung anak awewe nu sasatna kudu aya walina. Ngan kitu téa lain pibenereun ketang.
Sok sanajan kuring neutreug, meureun da geus kieu kuduna. Takdirna yen urang kudu gancang papisah. Horeng geuning da manus amah ukur darma wawayangan. Rengkak paripolah sakumaha ceuk dalang. Nyatana manus amah teu bisa ngulangkeun deui waktu nu geus kaalaman. Iwal ti semet narimakeun manéh kana kajadian nu geus kungsi kaalaman.
Hate karasa pisan peupeusna. Peurih kacida. Nyeri lir nu keur diturih ku hinis. Ukur kanyaah manéhna nu teu weleh ngalangkangan dina jero pikir bari dipeupeurih ku kanyeri jeung kasedih. Hiji saung nu jadi cirri cinta kuring jeung manehna. Hiji tempat nu jadi saksi, paheut jangji satekadan nyorang kahirupan dina suka jeung sedih ku duaan. Ayeuna ukur jadi kahayang nu teu weleh ngagantung di uwung-uwung. Asa jauh pisan piajuleunnana. Kari ngaran nu jadi pamepes hate, tur sabait carita cinta nu teu weleh manteng na jero pikir. Kangker otak nu aya dina sirah manehna, geus misahkeun cinta jeung kadeudeuhna kuring ka manehna. Kiwari ukur bisa jadi panineungan nu teu weleh maturan Saumur hirup kuring.
“Duh Gusti, kuring tulungan. Awewe nu sakitu bageurna. Sakitu deudeuhna. Sakitu solehna, kedah dipundut ngora keneh. Naha? Kapan loba keneh jalma-jalma nu sakitu kolotna, geus mangsana ngahadep kapayuneun Anjeun, Gusti. Tapi naha geuning bet anjeunna nu kudu ti heula….”
Geus ampir sabulan ti saprak manehna ninggalkeun kuring, ninggalkeun kulawargana, ninggalkeun alam dunya ieu, sakitu lilana ogé kuring gering nagtung ngalanglayung kapikiran wé ka manehna. Teu puguh rarasaan. Pikiran teu ku hanteu karasa pisan ngubengna. Semet raga nu kumelendang, lir ibarat mayit nu bisa leumpang. Tan kawawa keur nanggeuyna carita tempatna sampay sawangan. Ukur curulukna cimata kuring marengan manehna na alam kalangenan.
Hiji saung, tempat nu jadi saksi cinta kuring jeung manehna, ayeuna semet jadi panineungan keur pangeusi hate kuring. Saterusna mah kuring ukur bisa ngaridokeun manehna, marengan ku du’a na alam kubur, tur ngaiklaskeun manehna yen manehna the geus dipundut kunu kagungannana.
Teu sadar sora bedug geus nandakeun ka sareupna. Kuring ngorejat, tuluy hudang tina panglamunan.
“Bet asa jauh-jauh teuing ngalamun the,” kuring tuluy nangtung bari ngelap sesa-sesa cipanon nu masih keneh maseuhan. Teu sadar yen nu dipake ngelap the saputangan pamere ti manehna. Saputangan teu lila tuluy direret.
“Aéh, naha kalah beuki peurih nyuit kana ati,” kuring tuluy maksakeun ngalengkahkeun indung suku, sok sanajan karasa pisan beuratna ninggalkeun eta tempatnu salalawasna bakal jadi tempat panineungan kuring jeung manéhna. Cag ah***