Jumat, 16 Desember 2016

Sajak Sunda - Panineungan Jati Gede

PANINEUNGAN  JATI  GEDE

Ku : De Shandy


(Dangdagula)
Tungtung peuting muru ka janari
Bet sok terus aya nu ngolébat
Mawa rasa kasono
Bari salira nyegruk
Balilihan medal citangis
Karasa meupeuskeun sukma
Turut hirup nguyung
Kajeun baé korban rasa
Tibatan jangji kedah sulaya kata
Mending pasrah sumerah

Ning wanci miris ngikis jaladri
Kandeg léngkah teu kebat lumampah
Implengan peunggas lalakon
Ukur nyuuh ka waktu
Muntang rasa ka mangsa
Lain kudu tunduk
Ngagantung dina carita
Antara pikiran jeung rarasaan
Nangtukeun kaayaan

Leuwi lain nu jadi ciri
Sawah-sawah nu tinggal carita
Panjang lebak Cimanuk
Lain lambang teu kawawa
Meulakkeunna situs
Ngarawat warisan
Ukur tuturus tunggul miang na ati
Mulangkeun panineungan


Related Posts:

  • Sajak Sunda - Lalaki Di Tegal Pati LALAKI DI TEGAL PATI Ku :  De Shandy Saha, Lalakina nu ngabadega Di tegal pati? Cenah lalaki getih siliwangi Suka nginum darah jurit Suka dahar bayah perang Lalaki langit lalanang jagat Ladang ngasruk lawan… Read More
  • Sajak Sunda - Cinta CINTA Ku : De Shandy Jungjunan Saéstuna rasa nu mana Rék kaula sumput salindungkeun Na kanyaah jeung kaasih andika? Kapan jangji tinulis Mangsa hiji kapastian Sagala cinta nu andika Keur andika Tan aya pangawa… Read More
  • Sajak Sunda - Panineungan Jati Gede PANINEUNGAN  JATI  GEDE Ku : De Shandy (Dangdagula) Tungtung peuting muru ka janari Bet sok terus aya nu ngolébat Mawa rasa kasono Bari salira nyegruk Balilihan medal citangis Karasa meupeuskeun sukma … Read More

0 comments:

Posting Komentar